Rabu, 18 Maret 2015

Kangge Anjeun Nyai Bojo Akang Nu Dipikacinta

https://semarkuncung.blogspot.com
Kangge Anjeun Nyai  Bojo Akang Nu Dipikacinta

Kahirupan saukur heheuy jeung dedeuh, hirup syukur lamun heheuy atawa kapentingan jadi kabagjaan tenang robah warna ka warna hate. Deuih hirup tarimakeun lamun dedeuh atawa momen hésé di unison jeung kasabaran jadi pinuh ku hikmah nu bisa jadi palajaran


Kangge anjeun nyai, bojo akang nu dipikacinta.
Samemeh anjeun hoyong salingkuh, cobi emut deui masa-masa ieu :
Harita akang kungsi ngucap qobiltu sanes i love you dipayuneun dua sepuh nyai, bari tuur noroktok.
Nalika endahna ijab sareng qobul, aya geunyas cimata bagja nu malipir dina damis urang, katambah leho ngelol saeutik, urang silih susutan.

Urang kungsi masak bareng di dapur, akang ngeureutan bawang nepi leweh, tuluy ku nyai di anggean helm.
Huhujanan uih kaondangan, tepang sareng rerencangan nyai, pokna teh naha nyi dadaekanan dibonceng ku manuk piit nu kabulusan.


Nyai teu damang, akang nu masak, nu gegeroh, nu nyeuseuh najan aya softek nyai nu kaseuseuh.
Ngajebian, nonggongan, akang mah teu weleh ngadamba-damba,mikanyaah, teu kalis ku cape, pusing, tur galinggin paranas tiris.

Rampa hela hate akang samemeh rek codeka jeung sulaya, emut hela ti awal nu endah nepi kanu paitna. Lolobana mah pait apanan akang teh ku nyai.
Harita nyai nuju rieut, akang mah pepere di bumi, nuju ngepel akang teh tapi nyai ningali kolor akang bolong ti tukang malah ngarojok ku gagang sapu.

Beha nyai pegat ku akang di sambungkeun, cawet nyai soweh ku akang beuki disowehkeun, lebarr palebah etamah atuh da. Hahaha ngacaprak geuning uing.


Hirup Keur bakal paeh, sing percaya nasib pangeran jeung salempang ngeunaan kapamilikan da jangjina pangeranmah yakin teu pasea jeung jangjina nu

Tidak ada komentar :

Posting Komentar