Rabu, 27 November 2013

PUISI SUNDA



Duriat
Angin ngahiliwir
Tiis karasa ngaliwatan damis
Rambut udar tina beungkeuttanna

Seok-seok sorana daun tangkal awi
Duuuuh jauh panineungan
Dimana atuh salira ayana

Akang masih emut gelenyuna salira
Akang masih emut rindat deudeuhna salira
Akang masih emut sadayana geulis

Ayeuna
Boa-boa tos kabeungkeut
Boa-boa tos aya nu nyambat atina

Kieu geuning duriat nu kapegat
Kieu geuning duriat nu hese lumpat
Duriat teh endah tapi nyiksa


Serat kaliwat

Urang langgeng ngawang-ngawang
Ngawelah parahu langit
Sanajan salaksa gelap
Ngabentar jajantung urang
Hamo pukah dilabrak prahara rongkah
Tali sutra sukma urang, jungjunan
Meulitna kabina-bina
Balabuh lebah purnama
Asih urang geuningan beuki dumeling
Mun titirah lebah bentang
Tresna teh tinangtu beuki ngagenclang

Tidak ada komentar :

Posting Komentar